PAMASRAHAN CALON PANGANTEN PAMEGET
Bismillahirohmanirohim
Alhamdulillahiladi angzala sakinata fi qululbil muminin, waangzala doyiqo ala qulubil munafiqin wal musrikin, ashadu alla ilaha ilaa lloh almalikul haqul mubin, ashadu ala sayidina muhamadin nabiyil shodiqil wa dil aamiin, wa ala alihi wa ashabihi azmaa in ama ba'du faya robbisrohli wayasyrli amri wahlul uqdata millisani yapqohul qouli ya fatahu ya alim, paqola allohu fi kitabihilkarim wahua asdaqul qoilin audzubillahiminasayitonirojim bismillahirohmanirohim wa min ayatihi an holaqolakum min anfusikum azwaja litaskunu ilaiha waja ala bainakum mawadata wa rohmah, paqola rosulullohi saw anikau sunati pama lam rogiba bisunati palesa minni.. Ahalala nikah waharomah sifah wanaba ilaih
Ngahaturkeun nuhun ka saderek pangatur waktu pangjajap acara anu parantos masihan waktos ka pribados kanggo cumarios di ieu patemapatan anu ku pribados di pi hormat, dua insan anu nuju berbahagia nyatan ke dua calon mempelai anu ku pribados di pi hormat, keluarga besar pun paman bapak sukarsa almarhum, pun paman bapa dadeng, ibu odah miwaha keluarga besar anu ku pribados di pi hormat, pangersana ingkang besan bapa.... Miwah ibu... Miwah keluarga besar anu ku pribados di pi hormat, ibu ibu bapa bapa , ihwan wa akhwat tamu undangan anu hadir anu sami ku pribados di pi hormat
Puji anu suci urang sanggakeun ka hadirat ilahi robbi alloh robul ijati, puja anu sampurna urang sangakeun ka dzat anu kawasa Alloh aza wa jala
Anu mana bi aunillah ngalangkungan pitulung ti mantena, birohmatillahku rohmat ti anjeuna urang sadayana tiasa patepung lawung pa amprok jonghok di ieu haplah anu mubarokah ku wasillah dahup jodona pun dulur kang rayi cep hendra cipta kang neng riska, solawat miwah salam mugia tetep ngocor ngagolontor ka jungjunan alam , mustikaning dunya, gurupituduh dina agama yakni habibana wa nabiyana wasyidina kangjeung nabi muhamad saw, kakulawargana, ka para sahabatn, tug dugika urang salaku umatna mugia kasurah rambahan ku rohmat sareng sareng rohmat ti mantena ti dunya ieu tug dugika engke di yaumil jaza aamiin
Komentar
Posting Komentar